Bahasa Sunda Kelas 7 Pertemuan Ke-4

 Materi 4 : Tugasna tulis dibuku catetan. 


C.          Medar Oray-orayan

 

“Oray-orayan” téh ngaran salasahiji kaulinan tradisi-onal barudak Sunda, tempat arulinna di buruan atawa pipir imah nu rada lega. Ieu kaulinan teu kapaluruh iraha mimiti ayana, ngan nu jelas geus kaitung heubeul. Najan kitu, di pilemburan mah barudak masih osok arulin “Oray- orayan” bubuhan masih loba patempatan anu lega, kajaba di kota geus langka téh, salian ti tempatna geus hareurin katurug-turug loba kaulinan anyar anu jolna tina internét.

 

Lamun seug dititénan kalawan daria, kaulinan “Oray-orayan” mibanda tilu ajén seni, ngawengku seni sora (dikawihkeun), seni sastra (ditulis dina wangun ugeran/puisi), jeung seni peran (drama).

 

Lantaran dina prakna diperankeun ku lobaan, atuh jadi karasa ayana unsur téater (drama). Hég geura titénan wacana “Oray-orayan” nu geus dirobah jadi skénario di luhur.

 

Naskah atawa wacana skénario di luhur beunang ngaropéa tina bacaan wangun puisi, geura ieu titénan naskah aslina.

 

 

Oray-Orayan

 

Oray-orayan luar- léor mapay sawah tong ka sawah

paréna keur sedeng beukah

 

Oray-orayan luar- léor mapay leuwi tong ka leuwi

 

di leuwi loba nu mandi Oray-orayan 

oray naon oray bungka

bungka naon

bungka laut

laut naon

laut dipa

dipa naon

dipandeuri ri…ri…ri.

 

D.              Nembangkeun Kakawihan

 

Ieu aya conto kakawihan dina kaulinan séjénna. Hég titénan sarta kawihkeun babarengan di kelas!

 

Ambil-Ambilan

 Ambil-ambilan turuktuk hayam samanti saha nu diambil

kami mah budak pahatu

purah nutu purah ngéjo

purah ngasakan baligo

purah tunggu balé gedé

nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé

aya ubarna urat gunting sampuragé

tiguling nyocolan dagé

 

(Dikawihkeun bari ngantay pacekel-cekel leungeun)

 


Eundeuk-Eundeukan 

  

Eundeuk-eundeukan,

Cangkuang

Balé Bandung paséban

Parakanmuncang

Meunang peucang sahiji

Leupas deui ku nini

Beunang deui ku aki.

 (Dikawihkeun bari eundeuk- eundeukan dina dahan anu laér)

 

 

Prangpring  

Prangpring, prangpring

Salumprang-salampring

Sabulu-bulu gading

Si Gading ka Sunda perang

Pur kuntul éngkang-éngkang

Munding ngabongkar kandang

Salewek sadugel cindel

Heug, heug, caringin runtuh

Heug, heug, caringin runtuh

Dorokdok gubrag

 

(Dikawihkeun bari nepakan tuur budak anu disang-hunjarkeun)

 

Tulis dibuku catetan, dipoto teras di kintun ka Link dihandap ieu : 


KIRIM DISINI


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Bahasa Sunda Kelas 7 - Pertemuan Ke-3