Bahasa Sunda Kelas 7 Pertemuan Ke-6

Tugasna : Catet materi dihandap ieu. 


 1.            Wanci

1)      Balébat, waktu arék fajar, témbong udat-udat bodas beulah wétan

2)      Carangcang tihang, wanci liwat fajar, téténjoan remeng-remeng kénéh

3)      Haneut moyan, waktu antara tabuh tujuh tepi ka tabuh salapan isuk-isuk

4)      Pecat sawed, waktu kira-kira tabuh sebelas beurang

5)             (5)Rmangsang, waktu sabada haneut moyan, panon poé geus mimiti karasa panas

6)  Manceran, tengah poé

7)  Lingsir ngulon, liwat tengah poé, panon poé geus ngagésér ka beulah kulon

8)  Tunggang gunung, panon poé geus rék surup, témbong luhureun gunung

9)  Sariak layung, waktu dina rék béak layung

10)   Sareupna, geus mimiti poék, deukeut ka magrib.

11)   Sareureuh budak, waktu kira-kira jam dalapan peuting

12)   Janari leutik, waktu kira-kira jam satu tepi ka jam dua peuting.

13)   Janari gedé, waktu kira-kira jam tilu tepi ka ngagayuh ka subuh.

 

2.            Patempatan:  

1)             Buruan nyaéta patempatan di hareupeun imah, sok dipelakan kekembangan.

2)             Sampalan nyaéta tegal/tanah kosong nu jaradi jukut di tengah leuweung tempat nyatuan sasatoan.

3)             Tepis wiring nyaéta sesebutan pikeun wewengkon pasisian atawa pilemburan. 

4)             Tutugan gunung nyaéta suku gunung, bagian handap gunung. 

5)             Hunyur nyaéta taneuh nu muncugug. 

6)             Huma nyaéta tanah darat nu sok dipelakan paré. \

7)             Leuwi nyaéta bagian walungan anu jero. 

8)             Tetelar nyaéta tanah datar di tengah sawah anu henteu kahontal ku cai, sok diparaké ngangon. 




Tulis dibuku catetan, dipoto teras di kintun ka Link dihandap ieu : 


KIRIM DISINI

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Bahasa Sunda Kelas 7 - Pertemuan Ke-3

Bahasa Sunda Kelas 7 Pertemuan Ke-4