Bahasa Sunda Kelas 7 - Pertemuan Ke-3
Baca dina jero hate'
MATERI 3
KAULINAN
BARUDAK
Baca dina jero hate’
1. Medar Langlayangan
2.
Aya
rupa-rupa istilah dina kaulinan langlayangan:
kapakan |
= |
langlayangan |
leupas/pegat sorangan |
||
|
|
henteu
karana diadu. |
|||
godos |
= |
langlayangan keur
diadu terus lésot/ |
|||
|
|
misah
deui. |
|
||
nyasar |
= |
ngaduan
langlayangan batur lain tina |
|||
|
|
gelasanana. |
|
||
ditataran |
= |
diulur,
dibéréan sina luhur. |
|||
dikubet |
= |
dibetot
kalawan ngagentak dina diadu. |
|||
digibrig |
= |
ngadu
langlayangan ku cara dicentok- |
|||
|
|
centok,
henteu loba ngulur. |
|||
digombél |
= |
ngadu
diulur bari langlayanganana sina |
|||
|
|
“hirup”. |
|
||
kebluk |
= |
langlayangan
hésé disarang-séréngna. |
|||
gélényé |
= |
gampang disarang-séréngna jeung
teu |
|||
|
|
daék
anteng. |
|
||
gédég |
= |
ngapungna
kérétég (ngagibrig), biasana |
|||
|
|
alatan
tali timbana handap teuing. |
|||
mayung |
= |
langlayangan
nanjung kawas payung. |
|||
mumbul |
= |
langlayangan
nu leupas beuki ka luhur. |
|||
nyéréng |
= |
malik
ka kénca atawa ka katuhu. |
|||
nutug |
= |
langlayangan
nyirorot. |
|||
wangkong |
= |
gambar
langlayangan. |
|||
cacap |
= |
béak
pangulur tina golonganana. |
|||
ngarucu |
= |
moro
langlayangan. |
|||
rérénténg |
= |
bola/kenur
nu diberendil-berendil paragi |
|||
|
|
ngabandang. |
|
||
ngabandang |
= |
néwak langlayangan nu
éléh ku |
|||
|
|
langlayangan
deui. |
|||
ngarebol |
= |
megatkeun |
(maling) benang/gelasan |
||
|
|
batur nu
langlayanganana geus éléh |
|||
|
|
atawa
kapakan. |
|||
gelasan |
= |
benang seukeut
husus paragi ngadu, |
|||
|
|
biasana
maké campuran bubuk beling, |
|||
|
|
silikon,
atawa salatin. |
|||
tali timba |
= tali langlayangan antara beuheung jeung |
||||
|
|
tungtung
beulah handap. |
|||
rarancang |
= |
rangkay
langlayangan. |
|||
tali barat |
= |
benang
dina rarancang antara tungtung |
|||
|
|
hulu
jeung jangjang. |
|||
3. Ngadu Kaleci
Kaulinan barudak lalaki kaasup loba rupana, di antarana
anu tepi ka kiwari masih aya tur angger dipikaresep nyaéta ngadu kaléci. Jiga
medar deui ngadu kaléci gé, terkadang nu mikaresepna lain barudak waé.
Ngadu kaléci téh ngaran kaulinan nu alat utamana kaléci. Istilah husus nu dipakéna nyaéta:
kokojo = kaléci
paragi nyéntang/nojo.
céntang = nojo kaléci séjén disintreuk tarik.
golotok = nojo digolotokeun lalaunan.
Stan = nojo kaléci tina tuur atawa
pingping bari awak rada ngajurungkunung.
blép = kokojo
kacandet ku jelema,
teu meunang
diingkahkeun.
dur =
kokojo kacandét ku jelema sarta terus diingkahkeun
(dijauhkeun).
Pot =
kokojo paéh lantaran teu kaluar tina kalang.
Olés
= keuna wungkul tapi henteu
beunang, kaci nyéntang deui.
épék =
ngadeukeutkeun kokojo ngaliwatan
kaléci séjén.
stik =
kaléci séjén sajeungkal deukeutna jeung kokojo.
pocés =
ngadu kaléci ku cara pasangannana ditunda dina kalang pasagi atawa buleud.
4. Pe’cle’
Salian ti medar jeung ngadu
kaléci, aya ogé kaulinan anu ilaharna dipikaresep, utamana ku barudak di
pilemburan, nyaéta péclé.
Péclé téh kaulinan barudak awéwé,
alatna kenténg sabébék leutik, tempat ulinna ku cara nyieun kalang dina taneuh
mangrupa pétak-pétak.
Istilah husus dina kaulinan péclé nyaéta:
Minangkub
= kenténg ditangkubkeun dina tonggong leungun sarta terus éngklé-éngkléan dina
kalang. Lamun kenténg ragrag atawa suku nincak garis hartina gagal, giliran
batur maén.
5.
minangkar =
kenténg ditangkarkeun (ditangkarak-keun) dina tonggong leungeun sarta terus
éngklé-éngkléan deui.
minyuhun = kenténg disuhun bari terus éngklé-éngkléan.
minyapit = kenténg
dicapit ku ramo
suku, terus éngklé-éngkléan.
Tugasna dihandap ieu!
5. Jéntrékeun ngaran kaulinan ieu di handap!
1). |
békles |
6). |
panggal |
2). |
halma |
7). |
jajangkungan |
3). |
gatrik |
8). |
anyang-anyangan |
4). |
congkak |
9). |
ucing
sumput |
5). |
damdaman |
10). |
kasti |
Jelaskeun ngaran kaulinan budak anu di luhur, Tulis dibuku catetan, dipoto teras di kintun ka Link dihandap ieu :
Komentar
Posting Komentar