Bahasa Sunda Kelas 7 - Pertemuan ke-1

Tugasna : Pek catet kuhidep dina buku tulis terus rangkum anu kira-kirana penting. 


Materi 1 : Paguneman 

Paguneman téh geus jadi bagian tina kahirupan urang sapopoé. Di mana waé asal amprok jeung nu wawuh sok terus ngobrol, komo jeung sobat nu


geus heubeul teu panggih mah kadang terus uplek. Tah, ngobrol téh paguneman lisan, sakapeung teu ngaleunjeur, tampolana téma obrolan téh sok uclag-aclog tara jejem dina hiji téma. Béda deui jeung paguneman dina tulisan, boh basana boh kalimah-kalimahna, sok museur kana hiji téma. Dina pangajaran kahiji ayeuna diwanohkeun rupa-rupa paguneman, saperti paguneman sapopoé, paguneman dina naskah drama, paguneman dina diskusi, jeung saterusna, kaasup sagala rupa nu aya patalina jeung éta paguneman.

 A.  Maca Jero Haté

Hég baca sing gemet!

Indung jeung Anak

 “Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.

“Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.

 “Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.

 “Kieu, Mah... , naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapa mah ti pengker naékna...lungsurna mah ti payun,” pokna.

 “Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung turun tina mobil.”

 “Naon ari tatakrama téh, Mah?” Atia nanya deui.

 “Tétéh terang! Tatakrama téh aturan sopan santun téa, nya?” omong lanceukna, haget mangjawabkeun.

 “Leres. Sakumaha ceuk Si Tétéh, tatakrama téh mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé. Tatakrama téh jembar pisan. Lain ngan dina naék-turun mobil baé, dina nyarita, waktu nyémah, dina maké papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak, ngaliwat ka hareupeun jalma...,” ceuk indungna, ngécéskeun.

 “Dina waktos natamu atawa nyémah kumaha, Mah?”

 “Tatakrama dina natamu di antarana, ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.”

 “Ari dina dangdosan?” ceuk Atia, bangun beuki panasaran.

 “Sarua, aya tatakramana. Nya di antarana, papakéan anu dipaké ku urang téh kudu diluyukeun kana waktu jeung situasina.”

“Mah, ari hubungan tatakrama sareng atikan moral... kumaha?” lanceukna milu nanya.

 “Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang kadu. Dina haté indungna aya rasa reueus duméh si Tétéh, lanceukna Atia nu kakara kelas tujuh SMP ngajukeun pananya anu kaitung alus jeung munel saperti kitu.

 “Wiréhna Bapa Guru di sakola kantos nyabit-nyabit sual éta,” jawabna.

 “Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh pohara raketna. Malah bisa disebutkeun tatakrama téh bagian tina atikan moral! Kapan nu disebut moral téh nyaéta ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hadé jeung goréng,” ceuk indungna, “Tos heula, nya...Mamah badé salat asar heula.”.

  B.   Medar Paguneman

 Wacana “Indung jeung Anak” di luhur téh mangrupa paguneman (dialog) antara Atia, lanceukna (Tétéh), jeung indungna. Ari nu jadi bahan gunemanana nyaéta ngeunaan tatakrama dina kahirupan sapopoé nu kapanggih waktu piknik ka Maribaya. Lamun seug dibaca kalawan lentong anu merenah, karasa ayana suasana loma tapi santun. Dina paguneman, lentong (luhur handapna sora) jadi karasa pentingna, malah bagian tina tatakrama ogé.

         Salian ti lentong, dina paguneman kudu diperhatikeun ogé tatakrama basana nu ngawengku basa lemes jeung basa loma. Basa atawa kekecapan nu dipaké dina wacana di luhur sagemblengna ngagunakeun basa lemes. Naha kudu salilana dina guneman atawa obrolan ngagunakeun basa lemes? Ah nya henteu, gumantung jeung saha urang ngobrolna. Ari ngobrol jeung babaturan nu geus dalit mah meunang maké basa loma saperti indit, saré, dahar ogé. Dina harti, sok sanajan tatakrama basa téh tujuanana pikeun silihajénan, lain hartina maké basa loma teu ngajénan.                                                                                                             Salian ti kudu merhatikeun lentong jeung tatakrama basa (undak-usuk basa), dina paguneman ogé kudu dibarengan ku rengkuh jeung pasemon anu merenah. Ieu ogé diluyukeun kana waktu jeung situasina. Cindekna, jeung saha urang ngobrol (babaturan, sahandapeun, atawa saluhureun) kaasup dina situasi kumaha-kumahana kudu diluyukeun kana rengkuh katut pasemon anu merenah. Situasi urang keur ambek tangtu boh basa boh rengkuhna bakal béda upama dibandingkeun jeung situasi séjén, upamana waé dina diskusi.

 

Ngajawab pananya.  

1.             Nanyakeun naon Atia ka indungna téh?

2.             Ari nu dipikareueus ku indungna saha?

3.             Saha waé anu kalibet dina éta paguneman?

4.             Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh?

5.             Tatakrama téh jembar. Cik terangkeun!

6.             Ari tatakrama dina nyarita kudu kumaha?

7.             Naon sababna tatakrama diperlukeun dina kahirupan?

8.             Cik kumaha kira-kirana lamun jalma teu boga tatakrama?

 C.          Metakeun Paguneman

         Ieu aya paguneman tina drama Juag Toéd beunang Yoséph Iskandar. Perhatikeun cara nulisna, terus banding-keun jeung cara nulis dina wangun lancaran tadi di luhur.

 Hég petakeun ku genepan (Opang, Lurah Kongsi, Demang, Patinggi, Panjak, Nyi Ronggéng) bari dibaca naskahna. Lentong nyaritana sing merenah luyu jeung watek/karakter palaku anu kagambar ku urang dina paguneman. Bagilir baé di hareupeun kelas! Kadé, ungkara nu aya di jero kurung mah ulah dilisankeun, da éta mah pituduh keur sutradara jeung pamaén. 

D.   Paguneman dina Diskusi  

Paguneman lisan dina diskusi mah béda jeung paguneman dina obrolan biasa, najan kedal lisan tapi leuwih ngaleunjeur lantaran kaiket ku hiji téma. Atuh dina prungna gunemcatur antara pangjejer (narasumber) jeung pamilon (peserta diskusi) aya nu ngatur ku panumbu catur (moderator). Upama urang nyarita méngpar tina téma, geus tangtu bakal dieureunkeun ku panumbu catur . Ieu di handap contona, hég titénan.



Jika sudah dicatat kemudian dipotokan, lalu kirim ke Link dibawah ini! 


KIRIM TUGAS DISINI



Komentar

Postingan populer dari blog ini

Bahasa Sunda Kelas 7 - Pertemuan Ke-3

Bahasa Sunda Kelas 7 Pertemuan Ke-4