Postingan

Bahasa Sunda Kelas 7 Pertemuan Ke-6

Tugasna : Catet materi dihandap ieu.    1.              Wanci 1)       Balébat, waktu arék fajar, témbong udat-udat bodas beulah wétan 2)       Carangcang tihang, wanci liwat fajar, téténjoan remeng-remeng kénéh 3)       Haneut moyan, waktu antara tabuh tujuh tepi ka tabuh salapan isuk-isuk 4)       Pecat sawed, waktu kira-kira tabuh sebelas beurang 5)               (5)Rmangsang, waktu sabada haneut moyan, panon poé geus mimiti karasa panas 6)  Manceran, tengah poé 7)  Lingsir ngulon, liwat tengah poé, panon poé geus ngagésér ka beulah kulon 8)  Tunggang gunung, panon poé geus rék surup, témbong luhureun gunung 9)  Sariak layung, waktu dina rék béak layung 10)    Sareupna, geus mimiti poék, deukeut ka magrib. 11)    Sareureuh budak, waktu kira-kira jam dalapan peuting 12)    Janari leutik, waktu kira-kira jam satu tepi ka jam dua peuting. 13)    Janari gedé, waktu kira-kira jam tilu tepi ka ngagayuh ka subuh.   2.             Patempatan:    1)       

Soal UTS Bahasa Sunda Kelas 7 - Pertemuan Ke 5

  pek jawab sakur pertanyaan ieu dihandap! 1. Pek jelaskeun ku hidep naon nu disebut paguneman? 2. pek sebutkeun 3 hal nu kudu diperhatikeun nalika urang ngalakukeun paguneman? 3. sebutkeun ku hidep 5 rupa-rupa istilah dina kaulinan langlayangan? 4. sebutkeun ku hidep 5 rupa-rupa istilah nu aya dina kaulinan ngadu kaleci? 5. jelaskeun ku hidep naon nu disebut kaulinan barudak nu mangrupa pecle? 6. sebutkeun istilah husus nu aya  dina kaulinan pecle! 7. pek jieun naskah paguneman nu ditulis dina wangun dialog temana ngeunaan pentingna diajar basa sunda! 8. pek kuhidep sebutkeun 5 kaulinan barudak nu kuhidep biasa dipaenkeun!      Potokeun jawaban, teras kintun kana Link dihandap ieu ! KIRIM DISINI

Bahasa Sunda Kelas 7 Pertemuan Ke-4

Gambar
 Materi 4 : Tugasna tulis dibuku catetan.  C.           Medar Oray-orayan   “Oray-orayan” téh ngaran salasahiji kaulinan tradisi-onal barudak Sunda, tempat arulinna di buruan atawa pipir imah nu rada lega. Ieu kaulinan teu kapaluruh iraha mimiti ayana, ngan nu jelas geus kaitung heubeul. Najan kitu, di pilemburan mah barudak masih osok arulin “Oray- orayan” bubuhan masih loba patempatan anu lega, kajaba di kota geus langka téh, salian ti tempatna geus hareurin katurug-turug loba kaulinan anyar anu jolna tina internét.   Lamun seug dititénan kalawan daria, kaulinan “Oray-orayan” mibanda tilu ajén seni, ngawengku seni sora (dikawihkeun), seni sastra (ditulis dina wangun ugeran/puisi), jeung seni peran (drama).   Lantaran dina prakna diperankeun ku lobaan, atuh jadi karasa ayana unsur téater (drama). Hég geura titénan wacana “Oray-orayan” nu geus dirobah jadi skénario di luhur.   Naskah atawa wacana skénario di luhur beunang ngaropéa tina bacaan wangun puisi, geura ieu tit

Bahasa Sunda Kelas 7 - Pertemuan Ke-3

Gambar
Baca dina jero hate' MATERI 3    KAULINAN BARUDAK   Baca dina jero hate’   1.       Medar Langlayangan 2.       Aya rupa-rupa istilah dina kaulinan langlayangan: kapakan = langlayangan leupas/pegat   sorangan     henteu karana diadu. godos = langlayangan  keur  diadu  terus  lésot/     misah deui.   nyasar = ngaduan langlayangan batur lain tina     gelasanana.   ditataran = diulur, dibéréan sina luhur. dikubet = dibetot kalawan ngagentak dina diadu. digibrig = ngadu langlayangan ku cara dicentok-     centok, henteu loba ngulur. digombél = ngadu diulur bari langlayanganana sina