Postingan

Menampilkan postingan dari Juli, 2020

Bahasa Sunda Kelas 7 Pertemuan ke-2

MATERI 2   Nyusun Paguneman Jadi Wangun Skenario Drama   Tugasna : Jieun karangan naskah drama anu judulna Pentingna Diajar Basa Sunda   Jieun naskah paguneman nu ditulis dina wangun carita lancaran antara murid jeung guruna ngeunaan Pentingna Diajar Basa Sunda . Dina ieu paguneman kudu enya-enya merhatikeun tatakrama basa anu merenah . Sing kagambar kumaha pamadegan guru kana basa Sunda, jeung kumaha deuih ari pamadegan siswa ka guruna. Pami tos rengse tugasna kirimkeun ka Link dihandap ieu!!  KIRIM FILE DISINI

Kumpulan Materi Bahasa Sunda Kelas 7

Materi 1 : Paguneman  Materi 2 :  Nyusun Paguneman Jadi Wangun Skenario Drama   Materi 3 : Kaulinan Barudak   Materi 4 : Kaulinan Barudak (Oray-orayan, Eundeuk-eundeukan)   Materi 5 : Ujian Tengah Semester (UTS) Semester 1 Materi 6 : Nandakeun Wanci jeung Patempatan

Bahasa Sunda Kelas 7 - Pertemuan ke-1

Tugasna : Pek  catet kuhidep  dina buku tulis terus  rangkum anu kira-kirana penting.  Materi 1 : Paguneman  P aguneman téh geus jadi bagian tina kahirupan urang sapopoé. Di mana waé asal amprok jeung nu wawuh sok terus ngobrol, komo jeung sobat nu geus heubeul teu panggih mah kadang terus uplek. Tah, ngobrol téh paguneman lisan, sakapeung teu ngaleunjeur, tampolana téma obrolan téh sok uclag-aclog tara jejem dina hiji téma. Béda deui jeung paguneman dina tulisan, boh basana boh kalimah-kalimahna, sok museur kana hiji téma. Dina pangajaran kahiji ayeuna diwanohkeun rupa-rupa paguneman, saperti paguneman sapopoé, paguneman dina naskah drama, paguneman dina diskusi, jeung saterusna, kaasup sagala rupa nu aya patalina jeung éta paguneman.   A.   Maca Jero Haté Hég baca sing gemet! Indung jeung Anak   “Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia. “Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon a